Makalah Bahasa Sunda

BAB I
BUBUKA

1.1  Kasang Tukang
Diajar basa téh tujuan utamana mah sangkan siswa mahér atawa parigel ngagunakeun basa. Ku mahér basa dipiharep weruh jeung alus (positip) sikepna kana basa. Kamahéran atawa kaparigelan basa nyoko atawa ngamuara kana opat aspék anu “caturtunggal”, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Éta opat aspék téh bisa patali jeung widang kanyataan (nonfiksi) atawa widang rékaan (sastra, fiksi). Jadi, ébréh yén dina enas-enasna mah aya tilu tahap kamampuh atawa kompeténsi (competence domains) dina pangajaran basa jeung sastra, nyaéta: (1) kaparigelan atawa kamahéran basa (psikomotor), (2) kaweruh basa (kognitif), jeung (3) sikep kana basa (afektif). Dina belahan ieu pedaran bakal diécéskeun naon jeung kumaha ari gék-gékanana kaparigelan basa anu opat téa (catur tunggal).
 Ditilik tina jihat étimologis, kecap kaparigelan téh asalna tina parigel. Kecap parigel téh méh sawanda jeung kecap tapis, paséh(at), atawa mahér. Ari hartina parigel nurutkeun KUBS nyaéta bisa digawé jeung bisa usaha. Kecap tapis ngabogaan harti bisa atawa pinter dina sarupaning perkara. Demi paséhat asalna tina basa Arab (fatsihat) anu ngandung harti bisa ngucapkeun atawa ngunikeun kecap-kecap (hususna basa Arab) sakumaha mistina. Anapon kecap mahér nurutkeun R Sacadibrata (1954) téh asalna tina kecap mahir (Indonesia) nu hartina percéka, pinter, kacida alusna atawa kacida bisana. Jadi, boh parigel, tapis, paséhat, boh mahér ngagunakeun basa Sunda ngandung harti mibanda kamampuh verbal jeung tinulis dina widang basa Sunda.
Kamampuh atawa murba basa, nurutkeun Chomsky disebut kompeténsi (competency) jeung performansi (performance). Kompeténsi nyaéta kamampuh anu sipatna ajaib karena teu kaciri jungkiring jirimna atawa réngkolna. Mungguh kompeténsi mah nyangkarukna téh aya dina batin (diri) manusa nyaéta mangrupa pangaweruh jeung sikep. Béda deui jeung performansi anu mangrupa kamampuh anu sipatna kongkrit, wujudna nyampak dina opat kaparigelan basa téa. Jadi, kamahéran téh tegesna leuwih nyoko kana aspék performansi najan saéstuna mah hésé misahkeunana antara kompeténsi jeung performansi téh. Malah bisa disebutkeun yén kaparigelan téh enas-enasna mah adu-manisna antara kompeténsi jeung performansi téa.
Ari kamahéran basa téh sipatna mékanistik, hartina kamahéran basa téh baris ngaronjat ajénna lamun mindeng tes kalawan tuluy-tumuluy (berkesinambungan) tur sistematis. Ieu hal téh ngandung harti yén sing saha baé nu hayang parigel ngagunakeun atawa maké basa Sunda, kudu remen tes, maca, ngaregepkeun, nyarita jeung nulis ku basa Sunda. Implikasina pikeun pembelajar (siswa) –salaku subjék didik-, kudu loba dibéré kasempetan pikeun tes ngagunakeun basa Sunda dina rupa-rupa situasi. Dina émprona, aspék nu opat téh saéstuna mah henteu napsi-napsi da mindeng papasangan. Upamana waé, antara ngaregepkeun jeung maca, atawa antara nyarita jeung nulis (ngarang). Unggal-unggal kaparigelan téh tétéla merlukeun kamampuh nu berdikari deuih.
Najan enya antara nyarita jeung ngarang téh enas-enasna mah sarua pada-pada kamampuh nu sipatna produktif, tapi dina prakna mah lain-lainna deui. Da masing-masing kudu ngéstokeun padika éjahan jeung gejala baca, tapi teu kauger ku lentong atawa wirahma. Ari dina nyarita mah sabalikna.  Luyu jeung kamandirianana, rupaning kasusahanana ogé réa bédana di antara opat kamampuh téh. Ku kituna, kawilang kurang merenah lamun aya nu nyebutkeun yén di antara nu opat rupa kaparigelan ngagunakeun basa téh, ngaregepkeun mah nu pangbabarina. Atawa sabalikna, nulis (ngarang) nu dianggap panghéséna. Saéstuna mah henteu kitu. Ngaregepkeun disebut babari soténan lamun keur ngadéngékeun nu ngobrol, ngabandungan lalaguan atawa ngabandungan nu nyaritakeun pangalaman nu tas nyaba jauh jsté. Tapi teu kitu dina séjén waktu mah, upamana dina keur masamoan milu seminar, diskusi atawa ngabandungan pedaran ilmiah, jsté. Tegesna, kasusahan ngaregepkeun téh aya panta-pantana, teu kalis ku ngarti basana wungkul sabab réa deui kasus séjén nu kudu dicumponan jeung kacangking heula minangka bekelna.
Nilik kanyataanana, bawirasa teu unggal jalma murba kana éta opat aspék kaparigelan basa téa. Aya nu tapis pisan dina nyarita, tapi dina lebah nulis (ngarang) teu pati bisa, atawa sabalikna. Ieu pangabisa téh sakapeung sok dipatalikeun jeung bakat. Cenah nu malahér nulis (ngarang) téh ukur baroga bakat. Tina ieu hal téh paktor anu gedé mangaruhanana nyaéta 1) tes jeung 2) kabiasaan. Tapi teu kurang-kurang nu palinter nyarita atawa nulis (ngarang) bari teu kungsi kasaksén “diajar” heula. Najan kitu, saenyana mah tahap tes jeung ngabiasakeun téh tara dituncalan ngan lumangsungna prosés tes teu salawasna dina wangun paripolah anu bisa kasaksén ku paningal.
Dina kahirupan sapopoé lebah ngagunakeun basa di saban jalma téh raket patalina jeung pacabakanana atawa propésina. Wartawan, upamana dina digawé relatif leuwih mindeng ngaregepkeun jeung nulis batan cara séjénna. Pikeun maranéhna ngabiasakeun ngaregepkeun salawasna kalawan gemet jeung ngabiasakeun nulis kalawan éféktif teu weléh kudu kapiara dina tarékah ningkatkeun kabisana. Ari ningkatkeun kualitas maca sawadina lumangsung di kalangan jalma-jalma nu sapopoéna ngagugulung (pagiling-gisik) jeung buku (média tulis).

1.2  Rumusan Masalah
Rumusan Masalah Anu digunakeun dina makalah ieu nyaeta :
1.        Naon Wangenan Ngaregepkeun ?
2.        Naon Wangenan Nyarita ?
3.        Naon Wangenan Maca ?
4.        Naon Wangenan Nulis ?

1.3  Tujuan Makalah
Tujuan didamelna makalah ieu nyaeta :
1.        Supados urang terperinci kana Wangenan Ngaregepkeun
2.        Supados urang terperinci kana Wangenan nyarita
3.        Supados urang terperinci kana Wangenan maca
4.        Supados urang terperinci kana Wangenan nulis

1.4  Mangpaat Makalah
Mangpaat tina ngadamel makalah ieu nyaeta :
1.        Supados urang nambah wawasan sareung pengetahuan atanapi ilmu wacana kaparigelan dina basa Sunda
2.        Supados urang tiasa ngajarkeun wacana kaparigelan basa Sunda
3.        Tiasa membuatkan sareung rerencangan wacana kaparigelan basa Sunda



BAB II
EUSI

2.1  Ngaregepkeun
2.1.1 Wangenan Ngaregepkeun 
Harti ngaregepkeun beda jeung ngadenge. Ari ngadenge mah sok dianggap ukur proses fisiologis, ti mimiti hadirna sora kana kekendangan. Proses ngadenge mah lumangsung otomatis, lain karana usaha. Tapi, ari ngaregepkeun mah mangrupa kagiatan anu dihaja. Ngaregepkeun ngandung harti ngabandungan enya - enya. Sarua hartina jeung menyimak (Bahasa Indonesia) atawa listening (Bahasa Inggris). Ngaregepkeun oge disebut kaparigelan reseptif aktif, sabab dina ngaregepkeun, lian ti narima, oge aya proses aktif nyaeta dina ngaidentifikasi sora, nyangkem, jeung napsirkeun gosip anu katarima. Ku kituna, bisa dicindekkeun yen ngaregepkeun teh mangrupa hiji proses mental anu teleb tur daria, ti mimiti misah - misah, ngaidentifikasi, ngaranjing - ranjing, ngabanding - banding, nafsiran, nyarungsum, nepi ka ngaintrofeksina.   
2.2.2  Mangpaat Ngaregepkeun
Pamaksudan jalma dina ngaregepkeun rupa - rupa, upamana wae kalawan maksud diajar, pikeun hiburan, pikeun kasopanan, meunang kauntungan, ngabangbalerkeun rasa bosen, ngabanding - banding pamanggih, nambahan pangarti, panamasukan ku kasus nu lian jeung saterusna. Upama dipasing - pasing mah, fungsi atawa mangpaat ngaregepkeun teh bisa digolongkeun jadi opat rupa, nyaeta : 1) meunangkeun gosip nu aya patalina jeung pancen atawa pagawean; 2) leuwih efektif dina kekerabatan papada jalma; 3) ngumpulkeun  data sangkan bisa nyieun kaputusan anu sahade - hadena; 4) bisa ngarespon kalawan merenah kana naon anu kadenge. 
2.2.3  Tahap - Tahap Ngaregepkeun
1.      Misah - misahkeun
Dina tahap ieu sakur anu dilisankeun ku nu keur cacarita teh dipulungan hiji - hiji atawa sarupa - sarupa; kecap - kecap, gagasan, fakta, susunan, atawa naon wae anu kawilang istimewa, dipisah - pisahkeun.

2.      Identifikasi
Sakur anu kawilang istimewa tea sabada diinget-inget deui, tuluy dihartian atawa diidentifikasi.
3.      Ngaranjing - ranjing
Sakur anu katangkep ku pangrungu teh diranjing - ranjing jeung gosip sejen anu geus nyampak. Ku karena kitu, tahapan pangaweruh (umum) anu geus kapimilik ku urang teh pohara pentingna.
4.      Ngabanding - banding
Dina tahap ieu gosip anyar teh dibanding - banding jeung nu geus kapimilik. Ieu proses lumangsung lamun gosip anyar teh luyu atawa ngadeudeul pamahaman ti heula. Dina henteuna, tuluy dipilih, gosip mana anu leuwih keuna atawa leuwih merenah.
5.      Napsirkeun
Dina tahap ieu, urang teh mimiti aktif ngaevaluasi sakur anu katarima jeung ti mana asalna, nolak atawa narima, nimbang - nimbang.
6.      Nyarungsum
Dina tahap ieu, urang teh ngalengkepan atawa ngeusian wincikan poko - poko pedaran ku data atawa gagasan anu sipatna nandeskeun, tina kakayaan pangaweruh urang sorangan.
7.      Introspeksi
Sajeroning mihak - mihak jeung ngabanding - banding gosip anyar tea, bari nyoba - nyoba dilarapkeun kana kaayaan dirina sorangan.
2.2.4  Faktor - Faktor Nu Mangaruhan Kualitas Ngaregepkeun
Paling saeutik aya lima rupa anu mangaruhan kualitas ngaregepkeun, nyaeta :
1.      Tangtungan (sikap, attitude)
Leuwih saregep ngabandungan jejer pedaran anu cocog jeung diri urang. Dina teu cocog, teu panuju, sok ngolembar, komo upama eusi pedaran papalingpang mah.
2.      Karep (motivation)
Sajeroning ngaregepkeun teh dibarengan ku sistem nilai ajen - inajen urang sorangan. Dina rea pulungguaunana, biasana sok beuki saregep. Sabalikna, upama hate geus teu merean, pedah asa teu aya pulungguaunana, bakal ngalantarankeun leungitna karep.
3.      Pribadi (personality)
Diri urang sorangan mangaruhan peta ngaregepkeun. Lamun urang kagolong jalma anu resep silih pairan pamanggih, tenget, boga sifat resep nganalisis, tetelepek, jeung saterusna, dina prakna ngaregepkeun teh bakal beda jeung jalma - jalma anu pasipatanana sabalikna.
4.      Kaayaan (life situation)
Nu dimaksud kaayaan di dieu nyaeta kaayaan sabudeureun riungan. Bakal leuwih beubeunangan di tempat anu tingtrim ti batan di tempat anu gandeng ku sora -sora nu matak ngaganggu.
5.      Pagawean (role in society)
Pagawean oge mangaruhan kana kualitas ngaregepkeun. Contona, wartawan, mahasiswa, jeung saterusna, pantes upama merlukeun tingkat kualitas ngaregepkeun anu leuwih luhur karena pangjurung pagawean atawa tugasna.
2.2.5  Panta - Panta Ngaregepkeun
Faktor - faktor anu mangaruhan ngaregepkeun teh loba pisan. Ku kituna, kualitasna oge tangtu rupa - rupa. Di handap ieu baris diwincik panta -panta ngaregepkeun, nyaeta : 1) ngan ukur ngadenge sora, kecap - kecap kalimah wungkul; 2) pegat - pegat, pikiran mindeng kaselang ku nu lian; 3) nu diregepkeun teh dijojoan, sakur anu sakirana bakal dirina; 4) ngaregepkeun bari pasif, teu pati atawa samasakali teu tembong rasa kahudang; 5) kurang imeut, rea belahan penting anu teu katangkep, saregepna teh ukur lebah belahan - belahan anu geus wanoh sarta cohag jeung dirina; 6) saregep, bari ngabanding - banding jeung hal - hal anu aya patalina, tina pangalaman sorangan; 7) saregep, bari merenahkeun babaran carita, mana anu poko, mana anu sipatna pertelaan; 8) saregep, bari kritis, panamasukan ku bukti - bukti. 
2.2.6  Padika Ngaronjatkeun Kualitas Ngaregepkeun
Aya sababaraha kasus anu mangrupa padika ngaronjatkeun kualitas ngaregepkeun di antarana : 1) daek mekarkeun karep jeung pangaresep ngaregepkeun; 2) tingkatkeun kabiasaan ngabandungan kalawan saregep; 3)   tumplekkeun perhatian sagemblengna; 4) ulah waka ngaevaluasi; 5) tengetan kumaha gagasan - gagasanana jeung naon eusina; 6) mangpaatkeun mikir nu gancang; 7)   gunakeun lolongkrang waktu. 

2.2.7  Warna - Warna Ngaregepkeun
Ngaregepkeun dibagi dua, nyaeta :
a.       Ngaregepkeun Ekstensif — (hiji proses ngaregepkeun anu teu dirarancang)
b.      Ngaregepkeun Intensif (Hiji proses ngaregepkeun anu geus dirarancang) 
Ngaregepkeun ekstensif dibagi deui jadi :
1)      Sosial (lumangsung di sabudeureunana)
2)      Sekunder (lumangsung di kulamasyarakat)
3)      Estetik (aya patalina jeung rasa endah)
4)      Pasif (bari acuh; diacuhkeun)
Ari ngaregepkeun intensif dibagi deui jadi :
1)      Kritis (pikeun nimbulkeun reaksi) 
2)      Eksploratif (pikeun ngagali nepi kamana proses kajadian anu diregepkeun teh)
3)      Interogatif (pikeun nanyakeun deui)
4)      Selektif (pikeun milih)
5)      Kreatif (pikeun nimbulkeun kahayang/ kreatif)
6)      Konsentratif (pikeun nimbulkeun kadariaan) 
2.2.8  Aspek Ngaregepkeun
Aspek nuu kudu dicangking tina Ngaregepkeun aya sababaraha hiji nyaeta :
a.       Jejer /topik nu dicaritakeun
b.      Ngajawaban pananya 5 W + 1 H nyaeta naon, saha, iraha, di mana, naha, kumaha.
c.       Nyaritakeun hal nu diregepkeun, kalawan maké padoman 5W+1H

2.2  Nyarita
1. Watesan Nyarita
Kagiatan nyarita téh kagolong kénéh kana aspék kaparigelan makéna basa, saperti ngaregepkeun. Dumasar kana tujuanana nyarita téh mangrupa kagiatan pikeun nebarkeun eusi pikiran, gagasan pamaksudan, rasa, ku cara verbal atawa cara nyarita ka nu lian. Ku cara kitu dipiharep nu lian (nu diajak nyarita) atawa anu ngabandungan bisa ngarti kana maksud jeung tujuan anu dilisankeun.
2. Kamampuh Nyarita
Ku kituna, dina widang pangajaran pangajaran nyarita biasana guru sok mere papancén ka salah saurang anakdidik pikeun nyarita, atawa nyaritakeun hiji perkara. Pikeun mere pangajén kana kamampuh atawa kaparigelan nyarita, nu kudu meunang panitén saeutikna ngawengku opat unsur nyaéta: (1) lafal atawa ucapan (kaasup vokal, konsonan jeung intonasi), (2) tatabasa, (3) kabeungharan kecap, jeung (4) Paséhat/lancarna cumarita. Dina budaya Sunda paripolah anu aya patalina jeung nyarita téh nyaéta di antarana waé sakumaha anu karékam dina kahirupan sapopoé, boh salaku babasan/paribasa boh salaku kacapangan, saperti nu kaunggel ieu di handap.
Dina basa Sunda kawilang réa istilah atawa prédikat anu nuduhkeun patalina paripolah nyarita, totondén yén dina hirup kumbuh urang Sunda peta nyarita kungsi jadi ukuran atawa indikator anu kagolong penting pikeun nangtukeun pribadi hiji jalma. Pangpangna upama dipatalikeun jeung tradisi tata campur gaul basa urang dina mangsa béh ditu.
3. Biantara
a. Watesan Biantara
Biantara atawa pidato nyaéta nyarita di hareupeun balaréa. Dina biantara anu nyarita mangrupa tokoh anu jadi puseur paninggal balaréa. Teu béda jeung artis anu keur manggung, sakur ucap jeung paripolah nu nyarita teu leupas tina panitén pamiarsa (balaréa). Maksud jeung tujuan biantara nyaéta lain ngan saukur jadi tontonan tapi ngandung tujuan pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran anu kudu kaharti.
Aya bédana antara nyarita dina paguneman jeung nyarita dina biantara. Dina biantara mah henteu pacéntal-céntal. Nu biantara mah jongjon nyarita nepikeun gagasan atawa eusi pikiran, paregep jongjon ngaregepkeun nepi ka réngséna. Ku kituna, nyarita dina biantara mah mérédih pasaratan anu béda jeung paguneman, lain baé kudu mibanda kamampuh makéna basa tapi ogé rupa-rupa kamampuh saluareun basa, kayaning: wanter, tenang, katut gerak- gerik ni matak narik ati.
b. Sarat jeung Gunana Biantara
 Hal anu kudu ditengetkeun dina biantara, nyaéta:
(1) kudu tenget kana pamapag pamiarsa kana pedaran urang;
(2) udagan utama nyaéta sangkan pamiarsa ngarti kana maksud pedaran;
(3) kudu aya karep ngaluyukeun sarta fléksibel dina midangkeun pedaran:
(4) kudu ngaheulakeun interest (perhatian; pangresep) pamiarsa.
Kamampuh biantara (orasi) geus tangtu loba gunana jeung gedé pangaruhna dina kahirupan sapopoé. Ku kamampuh biantara, orator baris bisa mangaruhan balaréa. Loba conto dina kahirupan, kumaha seukeutna pangaruh biantara lain baé bisa mangaruhan sikep jeung pamadegan hirup, tapi ogé tujuan. Ku kamampuh biantara bisa ngagedurkeun sumanget, bisa nungtun balaréa pikeun ngalaksanakeun tujuan anu geus ditangtukeun jsté. Pikeun guru mah kamampuh biantara téh kawilang penting, pangpangna pikeun ngajéntrékeun eusi pikiran, jeung pikeun medar pangajaran.
Dina nyarita biantara mah teu bisa ujug-ujug pok kitu baé tapi ti saméméhna kudu dirarancang jeung disiapkeun heula materi picaritaeunana jeung pasaratan séjénna. Teu béda jeung tatan-tatan dina waktu nyusun materi tinulis, bédana téh ari dina biantara mah, nyaéta:eusi pikiran ditepikeun kalawan langsung; dilisankeun tur tubruk hareupan; jeung pamiarsa daék teu daék kudu nuturkeun (ngabandungan) pedaran kalawan sistematika sakumaha anu ditepikeun ku nu biantara.

2.3. Maca
Maca teh mangrupa salah sahiji seler tina opat kaparigelan ngagunakeun basa. Lamun urang nitenan nu keur maca tinangtu baris kanyahoan yen maca teh teu merlukeun kegiatan fisik, padahal sabenerna pikiran nu maca teh digawe kalawan daria. Upama teu kitu tinangtu nu maca teh moal meunang hasil nanaon tina wacana nu dibacana. Jadi, maca teh teu bisa disebut pagawean pasif tapi kaasup kagiatan aktif reseptif. Disebut kitu soteh pedah maca teh mangrupa perjuangan pikeun ngahartikeun, ‘memahami’ hasil pikiran nu nulisna.
Dina kahirupan sapopoe, maca teh ngabogaan mangpaat nu cukup penting. Salaku manusa urang ngabogaan sifat hayang nyaho sagala kajadian, perkara, kaayaan, jeung kamajuan-kamajuan nu lumangsung di sabudeureun lingkungan hirupna. Di sagigireun eta manusa oge diwatesanan ku waktu, kamampuan, jeung kasempetan, kulantaran kitu asana teh tidak mungkin pikeun nangenan sakabeh kajadian nu lumangsung,. Lebah dieu pisan mangfaat maca teh.
Ti mimiti taun genep puluhan pemarentah ngusahakeun sangkan masarakat Indonesia bisa maca jeung nulis. Maksud nu leuwih jerona mah nyaeta sangkan rahayat palinter. Patani jadi patani nu ngagunakeun elmu tatguan anu bener, jadi padagang anu ngagunakeun elmu dagang anu bener, jeung sajabana; ceuk cohagna ngaliwatan maca kabeh rahayat ditarekahan jadi masarakat anu ilmiah. Tapi jigana mah eta keinginan teh masih keneh hese diwujudkeunana karena loba pisan barebedanana. Boh, ti pihak masarakat sorangan boh ti pihak pamarentahna.
Numutkeun Ahmad Slamet, lamun dipasing-pasing tina jihad maca, masarakat urang masarakat urang teh ngawengku tilu golongan, nyaeta: (1) masarakat anu teu bisa maca sama sekali, (2) masarakat anu bisa maca tapi tara pisan maca, (3) masarakat anu bisa maca bari resep maca.
Golongan anu kahiji mah jigana ayeuna geus rada langka tapi golongan nu kadua mah jigana jacida euyeub. Hal ieu teh bisa kanyahoan tina perbandingan lobana jumlah kalawarta, majalah, jeung media cetak sejena anu kacida ganjorna ti batan jumlah jelema nu aya di Indonesia. Upama ditetenan kalawan tenget mah musabab nu pangutamana mah nyaeta kurangna minat (kahayang atawa karsep) pikeun maca.
Tumuwuhna rasa resep jeung butuh ku maca teu bisa hadir kitu bae tapi perelu di ipuk ti leuleutik. Lebah dieu pisan kiprah guru teh kacida pentingna. Kaprikornus nu pangheulana kudu dipikiran ku guru teh lain wungkkul materi bacaan atawa cara maca tapi kumaha nu muwuhkeun rasa resep maca ku cara mere kasenangan dina maca. Maksudna, dina pangajaran maca guru nyiptakeun kondisi anu hade sangkan siswa (anakdidik) ngarasa yen maca teh matak resep, pogot, tur ahirna jadi pangabutuh.
Maca teh mangrupa kagiatan (proses) anu tujuanna pikeun nengetan maksud nu nulis, boh maksud anu sajalantrahna, ‘tersurat’ atawa maksud anu aya di satukangeun kalimah-kalimahna, ‘tersirat”. Kagiatan macana bisa make sora bisa oge ukur dina jero hate.
Numutkeun Ahmad Slamet, aya genep kagiatan maca anu perelu diajarkeun di sakola dasar nnnyaeta:
(1) maca metode,
(2) maca dina jero hate
(3) maca basa, membaca bahasa
(4) maca buku pustaka
(5) maca gancang, jeung
(6) maca estetis
Tina genep kagiatan di luhur sabenerna kagiatan maca teh bisa dipasingkeun kana dua kagiatan anu utama nyaeta maca make sora jeung maca di jero hate. Anu kaasup maca make sora mah ngan maca metode anu liana mah kaasup kana maca di jero hate.
Pangajaran maca di sakola dasar di bagi dua belahan nyaeta maca munggaran, ‘membaca permulaan, jeung maca maher, ‘membaca lanjutan’. Maca munggaran diajarkeun di kelas hiji jeung di kelas dua, pangajaran maca dina tahap ieu nyoko kana maca metode. Maca metode oge tetep diajarkeun di kelas tilu nepi ka kelas genep, marengan pangajaran nu lianna.
Numutkeun pedaran di luhur, maca metode tteh mangrupa pangajaran pertama (munggaran) dina maca. Kulantaran eta ku urang kaharti lamun kabiasaan tina maca metode di babawa kana kaparigelan maca anu saterusna, upama kabiasaan-kabiasaan dina kaparigelan maca anu beda teh silih pangaruhan tangtu wae bakal jadi panghalang (pikeun nu maca) pikeun nangkep maksud anu nyampak dina bacaan.
Ahmad Slamet manggihan sababaraha kabiasaan-kabiasaan anu kurang hade anu gede pisan pangaruhna kana kaparigelan maca, diantarana bae
1) maca make sora
2) maca di harewoskeun (haharewosan)
3) maca bari kunyam-kunyam
4) sirah nu maca milu maju nuturkeun jajaran-jajaran anu dibaca
5) maca bari nunjukkan kecap-kecap anu dibaca
Kabiasaan-kabiasaan goreng anu disebut di luhur teh mangrupa kabiasaan anu bakal ngaganggu kana gancangna maca, hese neuleuman maksud bacaan, jeung akibat-akibat sejenna deui. Supaya kabiasaan-kabiasaan saperti kitu (sabenerna masih loba keneh kabiasaan goreng anu bisa disebutkeun) hentue ngabaju dina diri para anakdidik urang, akalna mah taya deui iwal ti urang salaku guru kudu toweksa ngariksa anakdidik dina waktu lumangsungna kagiatan maca di kelas.
1) Maca Teknik
Sakumaha di pedar di luhur maca metode teh nyaeta kagiatan maca vokal. Ringkesnamah nyaeta ngalisankeun bacaan. Dina kagiatan maca saperti kieu diperlukeun tilu komponen nyaeta nu macakeun, nu ngabandungan, jeung materi bacaan. Numutkeun Tarigan (1986: 23)
dina maca metode diperlukeun dua kaparigelan nyaeta,
1) melek kana abjad jeung gejala baca
2) ngalisankeun bacaan
kaparigelan anu kudu dilatih hususna di kelas hiji jeung kelas dua nyaeta lafal atawa cara ngucapkeun hiji sora, ngucapkeun kalimah boh wawaran, pananya, atawa pangajak. Di sagedengeun eta perelu oge dilatih gancang jeung ancana maca, volume sora oge kalantaran macana.
2)  Maca dina Jero Hate
Dina kanyataan hirup sapopoe mah maca dina jero hate kacida pisan pentingna. Ampir kabeh kagiatan maca anu lumangsung dina kahirupan ngagunakeun maca di jero hate, iwal ti budak anu masih keneh can lancer macana anu unggal maca teh kudu wae digorolangkeun. Ku sabab kitu aya nu nganggap yen maca jero hate, maca pikeun jalma anu geus dewasa. Pamanggih kitu teh tangtu teu sapinuhna bener taqpi umumna mah benerna eta pamanggih teh bisa katangenan (kabandungan) dina hirup kumbuh sapopoe.
Waktu maca jero hate nu maca ngagunakeun panon jeung ingetan anu daria. Pikeun barudak sakola dasar mah kagiatan model kieu kaasup kagiatan anu teu pati babari dilaksanakeun 9husuna di kelas tilu jeung kelas opat) sabab biasana barudak dina umur sakitu mah apan keur meujeuhna ngopepang.
Dina pangajaran maca di sakola dasar, hal-hal penting anu kacida pisan kudu diperhatikeun ku guru nyaeta
1) biasakeun maca teu make sora, haharewosan, atawa kunyam-kunyem
2) biasakeun museurkeun ingetan kana bacaan
3) biasakeun nyaritakeun atawa nuliskeun deui eusi bacaan nurutkeun wanda nu maca.
Pikeun nmganyahoankeun (gontrol)naha budak teh keur maca bari museurkeun ingetan atwa ngalamun guru hadena mere sababaraha soal pertanyaan bacaan.
3) Maca Basa
Maca basa teh sabenerna kaasup oge kana maca dina jero hate, hartina dina maca basa teh teu kudu make sora. Pangajaran maca basa teh geus mimiti diajarkeun di kelas tilu. Tujuan utamana nyaeta pikeun ningkatkeun pangaweruh basa anu engkena bisa digunakeun pikeun ningkatkeun kaparigelan ngagunakeun basa, boh tinulis atawa lisan.
Upama diwincik mah tujuan maca basa teh saperti kaunggel di handap ieu:
(1) nambahan pangaweruh kabeungharan kecap
(2) nambahan pangaeruh dina cara ngantetkeun kecap (morfologi)
(3) nambahan pangaweruh dina tata cara ngawangun kalimah (sintaksis)
(4) nambahan pangaweruh ngeunaan cara nulis. Upamana wae cara nulis (nempatkeun) huruf gede, ngalarapkeun tanda baca, kata beragam (?) jeung sajabana

4) Maca Pustaka
Maca pustaka ngandung harti maca bahan-bahan bacaan anu aya di perpustakaan. Kaprikornus materi anu di bacana teh lain materi anu aya dina buku teks wajib, gunana nyaeta bisa dipake nyuluran kagiatan di kelas anu kaganggu ku acara-acara anu teu bisa di tinggalkeun contona rapat guru, upacara, jeung sababna.
Maca pustaka ngabogaan mangfaat anu jembar, pangpangna mah pikeun ngalegaan wawasan (heunteu cupet, kurung batok) oge pikeun numuwuhkeun rasa estetis ku jalan maca bacaan-bacaan sastra. Jadi, maca pustaka teh bisa oge di adumaniskeun jeung maca estetis tapi tangtu wae kudu milih tempat anu merenah, ulah nepi ka ngaganggu batur anu keur maca.

2.4. Nulis
1. Watesan Nulis
Nulis atawa ngarang mangrupa kamampuh ngagunakeun basa dina wangun tinulis, pikeun nepikeun gagasan, eusi pikiran, kahayang, kereteg haté, atawa informasi. Nepikeun gagasan atawa gosip dina wangun tinulis kudu dipigawé kalawan daria tur ati-ati, sarta dipigawé dina waktu anu rinéh sangkan bisa mikir pikeun nyusun jadi kalimah. Tina kalimah jadi paragrap, paragrap jadi wacana jeung saterusna, nepi ka ngajanggélék jadi wangun karangan anu mibanda ajén jeung tujuan.
Gagasan atawa gosip anu dipidangkeun dina wangun tinulis bakal leuwih gembleng batan dina wangun lisan. Nepikeun gagasan dina wangun verbal mah sok rajeun loba nu kaliwat, sajaba ti susunan kalimah sok teu puguh éntép seureuhna. Ari dina wangun tinulis mah, gagasan bakal gembleng tur sistematis sabab waktuna rinéh tur dirakit kalawan ati-ati, struktur kalimahna ogé bakal leuwih hadé. Lian ti kitu, nepikeun dina gagasan dina wangun tinulis mah bakal mibanda ajen dokuméntér karena bisa diulik sababaraha balikan. Nepikeun gagasan atawa gosip dina wangun tinulis sawadina kudu dipigawé kalawan ati-ati tur daria, taya lian sangkan mibanda ajén anu hadé. Ku kituna, tujuan anu rék ditepikeun baris kahontal. Sangkan karangan atawa goresan pena mibanda ajén, salian kudu nyumponan sababaraha pasaratan téh ogé kudu tuhu kana palanggeran makéna basa (EYD).
2. Sarat Karangan nu Alus
Karangan anu dianggap nyumponan sarat, sakurang-kurangna mibanda lima unsur nyaéta (1) eusi, (2) wangun, (3) tata basa, (4) gaya, jeung (5) mekanik (éjahan jeung tanda baca). Eusi karangan nyaéta ngeunaan hal atawa kasus anu dijadikeun jejer karangan. Naha eusi karangan téh medar kasus kalawan gemet tur jéntré, atawa ngan ukur saulas? Wangun karangan nyaéta ngeunaan susunan atawa cara midangkeun karangan. Tata basa nyaéta hukum nu patali jeung ngawangun kecap katut pola-pola kalimah. Gaya (style) nyaéta ngeunaan cara méré warna dina midangkeun gagasan. Ejahan jeung tanda baca mangrupa palanggeran atawa hukum dina ngagunakeun lambang-lambang tinulis.
Tina katerangan di luhur tétéla yén nulis atawa ngarang téh mangrupa campuran tina sajumlahing kamampuh anu béda-béda, boh kamampuh dina widang basa boh kamampuh dina widang non basa. Kamampuh basa nyaéta kamampuh ngeunaan kaparigelan makéna basa. Kamampuh makéna basa nyaéta kamampuh nu aya disaluareun widang basa kayaning; pangaweruh matéri, kakeyeng midangkeun tulisan, kawani nembrakkeun pamadegan jsté.
Nulis atawa ngarakit karangan teu cumpon ukur ku ngandelkeun talenta atawa karep wungkul, tapi perlu mibanda pangaweruh, boh pangaweruh ngeunaan padika nulis boh ngeunaan materi atawa matéri karangan. Anu disebut mibanda pangaweruh nulis nyaéta upama geus nyangking pangaweruh ngeunaan wangun gramatik kayaning foném, morfém, kecap, frasa, klausa, kalimah jeung alinéa atawa paragraf. Kitu deui pangaweruh ngeunaan cara nuliskeun huruf, kecap jeung unsur serepan sarta tanda baca sakumaha palanggeran anu geus ditangtukeun.
Gorys Keraf (1984) nétélakeun yén karangan téh hakékatna mangrupa citra tina eusi pikiran atawa rasa, anu diwujudkeun dina wangun tinulis. Sangkan mampuh nétélakeun eusi pikiran atawa rasa kalawan gembleng, leuwih ti heula kudu nyangkem aspék-aspék basa kayaning:
1) Nyangkem sajumlahing kabeungharan kecap;
2) Nyangkem kaédah-kaédah sintaksis;
3) Mibanda kamampuh gaya nu merenah; jeung
4) Mibanda materi karangan.
a. Kabeungharan Kecap
Nyangkem sajumlahing kabeungharan kecap (kosa kata) mangrupa pasaratan penting pikeun ngébréhkeun eusi pikiran atawa rasa dina wangun tinulis. Leuwih loba nyangkem kabeungharan kecap bakal leuwih lancar jeung loba deui atawa gagasan anu bisa dipedar. Numutkeun sipatna kecap bisa dibédakeun jadi dua rupa; (1) konotatif nyaéta kecap anu ngandung harti rangkepan, jeung (2) dénotatif nyaéta kecap anu ngandung harti satarabasna.
Dumasar kana ayana sifat kecap sakumaha anu ditétélakeun di luhur, nu nulis kudu parigel milih kecap anu merenah pikeun ngébréhkeun eusi pikiran sangkan gagasan bisa kaharti kalawan luyu jeung pamaksudan. Hartina, kecap anu dipaké teu matak ngandung harti séjén (ambigu) anu ahirna bisa ngabalukarkeun salah tafsir.
b. Kalimah Eféktif
Midangkeun eusi pikiran atawa gagasan kalawan gembleng sarta bisa kaharti kalawan luyu jeung anu dimaksud, teu cukup ku nyangkem sajumlahing kabeungharan kecap wungkul, tapi ogé kudu mampuh midangkeun gagasan dina wangun kalimah anu éféktif. Kalimah éféktif nyaéta kalimah anu bisa ngébréhkeun eusi pikiran kalawan merenah. Kalimah éféktif salian ti ngandung kakuatan anu bisa némbongkeun eusi pikiran pangarang téh, ogé praktis kahartina. Hiji kalimah bisa disebut éféktif upama nyumponan sarat saperti ieu di handap, di antarana: (1) bisa ngawakilan eusi pikiran kalawan merenah, (2) sanggup méré citra anu sarua jeung eusi pikiran pangarang. (3) Kalimah éféktif mibanda sawatara pasaratan, nyaéta: gembleng: kalimah anu bisa némbongkeun beungkeutan gagasan sarta ngandung hiji inspirasi poko. (3) kohérénsi: kalimah anu ngawangun alinéa némbongkeun runtuyan anu sinambung.
c. Alinéa
Alinéa atawa paragrap nyaéta beungkeutan pikiran nu mangrupa kumpulan atawa campuran tina kalimah-kalimah pikeun pangawangun hiji gagasan. Dina alinéa hiji gagasan katémbong leuwih ébréh.
Teu béda ti nyusun kalimah, nyusun alinéa anu éféktif mérédih pasaratan, nyaéta:
• gembleng; kalimah-kalimah anu ngawangun alinéa kudu némbongkeun beungkeutan kasus atawa tema.
• koherensi; kalimah-kalimah ngaruntuy kalawan sinambung praktis kaharti, némbongkeun jalan pikiran anu masuk akal tur ngarojong kana téma.
• kalimah-kalimah anu ngawangun alinéa némbongkeun wincikan gagasan tur ngaruntuy kalawan sinambung.
• Pamekaran alinéa katémbong tina runtuyan kalimah anu medar téma.
d. Gaya
Gaya basa atawa style nyaéta mangrupa kaparigelan dina makéna basa pikeun mere warna kana ieu karangan. Gaya basa mangrupa cara némbongkeun eusi pikiran ku kaparigelan makéna basa. Gaya basa mangrupa belahan tina diksi (pilihan kecap), loyog henteuna hiji kalimah atawa kecap pikeun némbongkeun gagasan. Kaparigelan némbongkeun eusi pikiran, mangaruhan kana gaya basa pangarang. Ku kituna, gaya basa raket patalina jeung aspék kabasaan kayaning diksi, frasa, klausa, jeung kalimah.
e. Éjahan jeung Tanda Baca
Éjahan nyaéta palanggeran ngeunaan cara makéna abjad gedé atawa leutik, ipis atawa kandel, déngdék jeung ajeg, jsté. Sakumaha anu ditangtukeun dina palanggeran éjahan basa Sunda.



BAB III
PANUTUP

3.1  Simpulan
Ngaregepkeun ngandung harti ngabandungan enya - enya. Ngaregepkeun oge disebut kaparigelan reseptif aktif, sabab dina ngaregepkeun, lian ti narima, oge aya proses aktif nyaeta dina ngaidentifikasi sora, nyangkem, jeung napsirkeun gosip anu katarima. Ku kituna, bisa dicindekkeun yen ngaregepkeun teh mangrupa hiji proses mental anu teleb tur daria, ti mimiti misah - misah, ngaidentifikasi, ngaranjing - ranjing, ngabanding - banding, nafsiran, nyarungsum, nepi ka ngaintrofeksina.   
Maca teh mangrupa salah sahiji seler tina opat kaparigelan ngagunakeun basa. Lamun urang nitenan nu keur maca tinangtu baris kanyahoan yen maca teh teu merlukeun kegiatan fisik, padahal sabenerna pikiran nu maca teh digawe kalawan daria. Upama teu kitu tinangtu nu maca teh moal meunang hasil nanaon tina wacana nu dibacana. Jadi, maca teh teu bisa disebut pagawean pasif tapi kaasup kagiatan aktif reseptif. Disebut kitu soteh pedah maca teh mangrupa perjuangan pikeun ngahartikeun, ‘memahami’ hasil pikiran nu nulisna

3.2  Saran
1.        Mahasiswa supados sing lewih getol diajarna, terutami kana basa Sunda anu mangrupakeun kebudayaan has Jawa Barat
2.        Mahasiswa anu bade janten guru supados ngamumulekeun kana elmu warisan ti karuhun urang sadayana terutama basa Sunda supados dimasa depan basa Sunda tiasa ditangan generasi muda anu kreatif sareung tiasa ngabanggakeun ka tempat asalna nyaeta Jawa Barat dikancah dunia ku basa Sunda.



DAFTAR PUSTAKA

Nurjanah, Nunuy. Mekarkeun Pangajaran Kaparigelan Ngagunakeun Basa. Pangandaran : 2009

Haérudin, Dingding. 2007. Gentra Basa Sunda. Bandung: CV. Atikan Mandiri.

Sudaryat, Y. 2009. Pamekar Kaparigelan Basa Sunda. Bandung: Pustaka Luang


close